
Dina hiji poé, sakola dibubarkeun dina tabuh sabelas beurang. Kumargi sakolana badé dianggo kanggé kagiatan lomba. Murid-murid ngabring, pasedeuk-sedeuk kaluar ti gerbang sakola. Raray-rarayna pinuh pisan ku kabungahan. Kabungahan kusabab bisa ngagaduhan waktos anu leuwih kanggé ngaistirahatkeun awak anu biasana di paksa ajeg dugi ka pateupang adzan ashar.
Abdi anu biasana unggal dinteun
dianteurkeun kasakola, dijemput deui ti sakola. Dinteun ayeuna kusabab uihna
siang kénéh abdi nyobian uih ka bumi naék angkot nyalira. Kumikiranana ogé abdi
geus ngarasa bungah. Bungahna ogé teu pupuguh. Ngan dina hate téh asa jadi
manuk anu leupas tina kurung. éta gé saukur rarasaan.
Ti sakola ka pamegatan angkot téh
kedah papah heula lamina teu langkung ti sapuluh menit. Barang dugi ka pamegatan
angkot, jol angkot datang. Teu nungguan
nanaon deui abdi naék, gék diuk dina korsi ngigir dina angkot anu belah kenca.
Angkot téh teu buru-buru maju, malahan mah ngeutém heula rada lami. Dileubeut
angkot téh aya hiji ibu-ibu nunyandak budak alit, dua murid sakola anu calikna
dina jok payuneun abdi. Aya hiji calo sareng sopir anu calikna di payun. Budak
angkot anu tadi dipangkon ku ibuna ceurik gogoakan kacida tarikna. Ninggal tina
kesangna mah moal tebih tipanaseun éta budak téh. Si ibu nyobaan ngarépéhkeun
budakna.
“Jep…jep..atos atuh atos sakeudap deui ogé
lungsur.” Éta budak henteu barung jempe malahan narikan ceurikna.
“Tuh
tinggal di payun ogé lungsur, da ujang mah kuatannya, jempé atuh!” Raray si Ibu
ninggalkeun raut anu hariwang jeung rada sieun.
Akhirna mah budak leutik éta jempe. Teu kungsi lila
angkot téh maju. Di parapatan jalan si Ibu turun sareung budakna. Masihkeun
artos duarébu kasopir teras papah ngajauhan mobil.
Ari dipipikir, nembé kaingetan ari
abdi téh kedah lungsur dimana? Timangsa éta abdi teu ngeunah haté. Dina pikiran
téh ngan aya kasieunan teu bisa dugi ka bumi. Késang tiis geus karasa nyurucud
tina taar. Teu kapikiran abdi kedah kumaha. Ret kakatuhu ret kakenca, asa teu
puguh titingalieun milarian jalan anu katinggal familiar kangge abdi tapi da acan pernah ngaliwatan ieu jalan.Najan
tos di bejaan yen uih teh naék angkot ieu. Abdi terang kedah nganggé angkot ieu
dipasihan terang ku Paijang (pun rama).
Dina jajalanan bade uih Abdi naros ka Paijang “Ja,
mun Abdi badé uih nyalira kumaha? Paijang tuluy ngawaler “Nya naék angkot wéh,
dua kalieun naék angkot”. Kusabab tetep panasaran Abdi naros deui “ Angkot na
angkot numana? Kan angkot téh seer..?” “Éta tah nu éta” Ceuk si Paijang bari
tutunjuk kana angkot anu bulicat-buliceut. Teu puguh kamana nunjuk na téh.
“Numana ja? warna naon?” Abdi jadi beuki panasaran. “Anu warnana bodas héjo” Si
paijang ngawaler bari nunjuk kanu angkot warna bodas biru. “ Naha Ja, da éta
mah warna bodas biru sanes bodas héjo”. Abdi nembalan bari rada seserian. “ Nya
atuhlah da katinggal kubapa mah héjo ta teh. “ Teras ari turunna dimana? Abdi
naros bari luak-lieuk nginget-nginget jalan anu tos kaléwatan. “ pami turunamah
turun di terminal wéh”. “Oh muhun atuh, ari terminal téh palih mana ja?” Abdi
katutuluyan nanya. “ Anu caket pasar, cobian geura engké ku bapa dituduhkeun béh
terang”. Kusabab kajadian ieu ogé Abdi hoyong nyobian naék angkot.
Nembeé kaingeutan tah kedah turun dimana, turunn téh
kedah di terminal. Ayeuna hiji masalah lengsér tapi datang masalah anyar. Ari
terminal téh palih mana? maenya wé kedah tataros ka supir angkot. leheung mun
supir angkot na bageur, tapi katinggalnamah asa teu pibageureun. Rarayna ge
tadi ninggal asa jamedud teu puguh, pedah tadi ninggal kapengkeur. Ciganamah
ngitung panumpang nu aya dina angkot manehna. Ari barang ret mereun ngan aya
tilu urang éta gé budak sakola wungkul. Namina gé budak sakola ongkos angkotna
leuwih murah tibatan nu sejena. Cigana si supir téh malik ka payun deui make
Raray anu sebel.
Tilu urang anu aya dina angkot téh Abdi, sareng dua
budak sakola anu asal sakolana sami sareng Abdi. Dua-anana istri nu hiji
nganggé tiung nu hiji teu nganggé tiung. Di tinggal-tinggal mah éta téh pasti senior. Pedah salami MOPD teu acan
sakali-kali ninggal. Sakalina ninggal pasti sami-sami anu di-MOPD lantaran MOPD
ieu diayakeun saminggu saacan sakola anu biasa lebet. Jadi intinamah kelas
dalapan (dua SMP) sareng kelas salapan (tilu SMP) nuju lalibur kénéh. Dua budak
sakola éta pasti kelas dalapan atawa kelas salapan. Palingan anu salaku
pengurus organisasi anu ngirinngan terjun kanggo nga-MOPD budak-budak anyar
lebet/katampi. MOPD téh waktos dimana murid anyar dikenalkeun suasana diajar di
tempat nu anyar, cara diajana, ngawartosan bentenna SD sareng SMP, masihan
terang nama guru-guru, kepala sakola, motto sakola, visi sakola, jeung misi
sakola.
Dina MOPD, aya sesi kanggé uulinan atawa raramean.
Biasana senior masihan tugas anu teu
tiasa di sebut biasa. Misalna dipiwarang ngapalkeun nami pengkeur batur,
dipasihan waktos lima belas menit teras entosna ditarosan. Anu ngawalerna lepat
dipasihan sanksi. Sanksina rupi-rupi aya nu dipiwarang maca puisi,
nyanyi-nyanyi, joget, dugi ka skot jam ogé aya. Pokokna mah sésina raramean
weh. Organisasi – organisasi anu aya di sakola ogé ngenalkeun organisasina. Anu
tos biasamah OSIS, Paskibra, Pramuka, PMR, sareng organisasi tambihan sanésna.
Hiji-hiji organisasi ngenalkeun organisasina, mimiti
ti asal-usul, saha pembimbingna, saha ketuana, sareng naon waé kagiatanana. aya
sadinten khusus kanggé show off sadayana organisasi. Paskibra
mintonkeun baris berbaris anu kacida rapihna. Seer pisan anu jadi hoyong
ngiringan ekskul paskibra. ngiringan organisasi téh sok disebat ogé ngiringan
ekskul. Ekskul (Ekstra Kulikuler) teh kangge nambihan kagiatan sakola supados
teu lieur-lieur teuing diajarna. tujuanana diayakeun show off the kangge ngeyang
perhatosan budak anyar supados hoyong ngiringan kana ekskul anjeuna. Anu jadi
perhatosan Abdi teh nyaéta Pramuka. Pramuka téh mintonkeun baris-berbaris ogé tapi
bentenna téh Pramuka mah ditambihan ku bandera smapur (anu gunana kanggo masihan
isyarat) sareng piriwit morse.Anu show off bagian bandera teh namina teh
Érna. Abdi terang ka teteh ieu téh kusabab pernah lebet ka kelas ngajarkeun
sadayana perkawil pramuka.
Barang ninggal ka payun, katinggal si teteh aya
dipayun, disisi jalan ciganamah ngantosan angkot. Ari pas bade ngaliwatan si
teteh ateun the si teteh the megat angkot ieu pedah angkotna ereun weh. Hate
Abdi geus jadi bungah kusabab bias tatanya kasi tetehna. Dina pipikiran teh tos
kabayang naon waé anu kedah ditaroskeun. Nu bade ditaroskeun teh pasti nukahiji
mah terminal the palih mana? teras ditambihan basa – basi, teras naroskeun ogé
mayar angkot the sabaraha? bilih leupat weh, kumaha mun mayarna leuwih teuing?
kan si sopir angkotna untung Abdi na nu rugi. Tapi tos lami angkot ereun si
teteh teu burung naek. Ari pek the si teteh the naek ka angkot anu pengker. Anu
warnana hejo muda. Parasaan the pinuh deui ku kasedih. Anu taadina mikir bias
salamet tina hiji masalah kalaka balik deui ka hiji masalah.
Kusabab teu aya nu naek, angkot maju deui. Maju tapi
lalaunan. Hate teh meuni ratug. teu terang kedah kumaha deui. Ceuk pun rama mah
terminal teh cakeut pasar. Sa tebih – tebihna ge pasarlah pasti katinggali. Nu
ngarana pasar mah pasti katinggalina rame. Bakal seer nu dagang deui. Abdi
nyobin ngarepehkeun kasieun. Nya sugan – sugan ari dina kaayaan tenang bisa –
bisa nanya ka batur atuh. Teu kabatur ka tukang angkotlah. Mimiti we Abdi the
ngadoa. Sugan we ku gusti dikabulkeun. Abdi the hoyong dugi ka bumi dina
kaayaan salamet.
Teu lami ti eta, aya ibu – ibu duaan megat angkot,
terus angkot teh ereun weh. Dua ibu – ibu tadi langsung naek. Barang gék si ibu
– ibu langsung nyarita “ Bu, ari endog
ayeuna sabaraha?” si Ibu anu nganggé acuk bereum naros ka Ibu anu nganggé acuk
héjo. Si Ibu anu nganggé acuk héjo ngawaler “ Ayeuna teh dua puluh opat” Si Ibu
katinggal reuwas terus langsung nembalan “ Naha nya bu, asa naek wae?” “ muhun
da bu, ari usum kieu mah sok nararaek harga naon – naon teh ” Si Ibu nyariosna meuni percaya diri teh. “ Muhun
bu, ayeuna ogé moal balanja seer – seer teuing ah..” Si Ibu mere beja ka si Ibu
nu hiji deui. “Muhun bu, susuganan engke turun deui harga teh”
Ibu –ibu anu aya dina angkot tuluy ngobrol masalah
harga anu nararaek. Abdi mah da atos teu aya kaperyigian ngan tiasa
ngadengerkeun weh. Ibu – ibu mah kitunya sok riweh kumasalah harga. Abdi mah
lieur rek turun dimana. Ibu – ibu eta teh rek kamarannya? Eta pertarosan jol –
jol ngalewat. Kela mun teu salah dangu mah da tadi the bade balanja ceunah tah
dua Ibu – ibu teh. Bener teu nya? sugan weh turun dipasar. Engke pas si Ibu
turun Abdi gé bde ngiring turun. Sugan ieu the doa anu tos ddikabulkeun kunu
maha kuasa. Ayeunamah hate the atos lumayan tenag. Tapi ari kasieun mah angger
we aya keneh. Tapi tibatan tadi mah ayeuna mah
geus rada mendingan.
Dina payuneun SD angkot ereun, Abdi the teu terang
naha beut ereun? singhoreng bensinna tos tinggal sakedik ceunah. Abdi terang
kusabab sopir na nyarios “Punteunnya bu, Ieu bade ngalebetan bensin heula, mun
teu dilebeutan kumaha mun mogok ditengah
jalan, bahaya nya bu.” sareng abdi karek terang ogé ieu angkot the sanes ereun
di SD tapi di gigireun tukang bensin éceran. Si Ibu na ngawaler “ muhun jang
sok weh”. Tuluy eta ibu – ibu ngobrol
deui. “Jang ari ongkos naek teu?” Si Ibu – ibu nanya ka sopir angkot. Si Ibu
nyebut jang ka si sopir lantaran ditinggali – tinggalimah pasti leuwih ngora
tis i Ibu – ibu. “Teu bu, sami wae ongkosmah” Si sopir ngawaler. “ tuh nya jang
kitu, ari harga kadaharan teh nararaék tapi ari penghasilan mah anggeur. Kudu
kumaha atuh ari Ibu teh?” Si Ibu kalaka ciga nu curhat. Ciganamah eta masalah
artos teh masalah anu kawilang ageung kanggo Ibu.
Saatos di eusian bensin, angkot maju deui. Teu rada
lami budak sakola nyebut “kiri” tuluy turun tiluanana di payuneun bumi.
Ciganamah bumi salah sahiji budak sakola eta. Bade ngerjakeun tugas kelompok
meren. Tapi sajajalan eta budak sakola tiluan jararempe. kalaka wé ngoprek HP.
sibuk sorangan. Mun di pikir – pikir mah Hp teh asa jadi candu. Mending wéh
ngobrol langsung ciga Ibu – ibu dari pada sibuk sorangan ngoprek Hp bari sura –
seuri sorangan. Tos ditinggali mah éta meren nu nyebabkeun Abdi alim atawa hese
bade naros ka budak sakola anu tiluan eta the. atos mah sénior. Pedah we ka sénior
mah asa ségan kumaha kitu. Jaba ogé sibuk sorangan kabehannana.
Angkot tuluy maju, teu lila si Ibu nyebut kiri teras
turun. abdi ogé ngiring turun wéh. Masihkeun artos lima rebuan ka calo na. teras
diangsulan opat rebu ku calona. Berarti mayar angkot teh sarébu. Dina hate aya
kabungahan kusabab geus aya dipasar. Ayeuna mah tinggal naek kana bagendit weh.
Lamun naék angkot bagendit mah Insya Allah moal kasasar. Tos terang deuih kedah
turun dimana. Da atos biasa naék angkot bagendit mah.
Abdi mapah heula sakedap ka katuhu, badé naék angkot
bagendit anu tos katinggal ku soca. Bungahna. Tos dugi dina angkot Abdi
nungguan heula da émang ceunah saur batur mah angkot bagendit mah da ngetem na
sok lami nungguan pinuh heula. Mun tos pinuh kakara maju. Janten Abdi nungguan
wé dugi kapinuh. Lami sih tapi da baé
kumaha deui. Atos da ieu teh angkot, angkutan umum. Intinamah mobil nu
batur lah kitu. Jadi teu bisa samena – mena. Barang angkot pinuh karek weh
maju. Pinuh na ge sanés pinuh deui atos didedet pisan.
Ti pasar ka bumi abdi teh lamina aya satengah jam
an. Ayeuna karék dugi satengahna. Dina angkot tos kawilang lowong da tos seer
anu tarurun. Tapi angkot ogé sok ereun – ereunan keneh da aya nu megat. Angkot
teh majuna teu kawilng laun teu kawilang téréh. Biasa – biasa lah.Teu karasa
sakedap deui Abdi téréh dugi kabumi. Abdi nyiapkeun artos sarebu dina panangan
katuhu. Tos dugi di payuneun bumi énggal – énggal Abdi nyebatkeun “kiri” teras
angkot ereun pas dina payuneun bumi. Abdi turun teras masihkeun artos sarébu
terus weh lumpat kabumi. Kusabab ku bungah teuing teu karasa asa dibawa lumpat
sorangan kitu.
Pas dugi kabumi, Abdi nyeubatkeun salam “
Assalamualaikum wr.wb.,,,,” Abdi rada
ngagorowok bari mukakeun panto. Pun rama di bumi reuwaseun naha beut tos dugi
ka bumi deui “ naha tétéh tos dugi kabumi? uih sareng saha ? da si bapa mah
didieu keneh nuju ibak ? ” pun ibu langsung nanya panjang lebar. Abdi langsung
wéh nyaritakeun yén abdi teh naék angkot. Nyobian naék angkot. Ceuk pun ibu ogé
untung wé tiasa dugi kabumi. Kumaha ceunah mun kalangsu, kan ibu ogé anu khariwang.
Teras si Ibu naros “ tétéh, ari mayar angkotna sabaraha?” teras weh diwaler ku
Abdi “ sarébu, sakali naek angkot teh. Abdi naék angkot dua kali janten mayar
dua rebu. éh séep dua rébu maksad teh” pun Ibu kalakah ngahuleng. “ Mah, naha
kitu?” Abdi nanya kan pun ibu. “ Ari tétéh kumaha? maenya ngan mayar sarebu naék
angkot bagendit?” pun ibu ngajawab bari maké nada anu rada ambek. “ muhun mah,
da mayar sarébu, abdi naék ti pasar téh”. Abdi ngajawab bari aya rasa kasieun. Teras
pun ibu gigideug “ naha ari tétéh kedahna mah mayar teh dua rebu, da ti pasar
kadieu teh tebih atuh.” pun ibu mapatahan. Jadi dinten ayeuna Abdi naék angkot
sarébu dua kali.
0 komentar:
Posting Komentar